Senin, 15 Februari 2010

hapunten akang, nenk geulis...!!!




Neng geulis...
Neng ulah salempang kana duriat akang ka neng
Jangji akang teh jangji saumur hirup
Akang moal jalir kana jangji eta, akang jangji satia ka neng
Jangji babarengan keur satia dugikeun ka maot misahkeun urang duaan

Tapi.....
Akang nyuhunkeun perhatosan sareng kajembaran hate ti neng
Akang ngaku sajujurna sok rajeun malirekeun manah akang ka anu sanes salian ti neng
Akang rumasa teu tiasa ngaleungitkeun duriat akang ka kabogoh akang ti leuleutik
Akang teu walakaya ku sabab mikacinta ka PANGERAN BIRU

Upami neng ngaraos timburu sareng ngaraos dinomerduakeun ku akang alatan si Pangeran Biru
Akang teu kirang-kirang nyuhunkeun hapunten ka neng
Hapunten anu tulus tina manah sareng tina rasa teu walakaya

Sakali deui... hapunten akang, nenk geulis...!!!










Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts with Thumbnails